PUSTAKA CERPEN

Cerpen atau cerita pendek adalah karya sastra dalam bentuk prosa fiksi. Cerpen merupakan karya sastra populer yang lebih sederhana daripada novel. Cerpen terdiri dari satu inti kejadian yang dikemas dengan cerita yang padat

Katumbiri di Linggasari

Katumbiri di Linggasari

Girimis kasorénakeun maturan diri nu keur ngahuleng, baluweng mikiran nasib jeung kahirupan rumah tangga nu geus karandapan leuwih ti dua puluh tilu taun. Sagala rupa geus kaalaman. Ngaheuyeuk hirup babarengan. Ceuk paribasa mah sapapait samamanis ngambah kahirupan geus kaalaman ku duaan. Mangsa nyorang ka tukang, asa waas, loba carita nu pinuh ku kaéndahan, jauh tina karudet siga ayeuna, nyanghareupan kahayang budak sorangan nu rék milih pibatureun hirupna ka hareup. Sok sanajan hirup téh aya siklus poék jeung caang tapi rarasaan mah asa teu aya masalah nu matak heneg kana haté jiga nu ayeuna karandapan. Geuning kieu karasana hirup nyorangan ditinggalkeun salaki nu geus dipundut ku nu kawasa. Sagala rupa pasualan hirup kudu ditanggung ku sorangan.

            Teu kabayang ti saméméhna yén budak hiji-hijina, Martini, jimat nu ti leuleutik di dipusti-pusti sangkan jadi tuturus hirup ka hareup, horéng boga pamadegan pilihan anu béda jeung kahayang kuring, indungna sorangan. Beurat ku duriat nu meungkeut pamadegan budak zaman ayeuna mah. Harita wé basa hiji peuting, teu ngahaja diparengkeun nanya pédah basa mulang ti lembur geuning dianteurkeun ku lalaki nu ceuk rarasaan mah asa kurang pantes jadi pibatureun hirup manéhna.

            “Geuning tadi anu nganteurkeun mulang ti lembur téh asa lain Rahmat?”

            “Ooh, sanés, Mah..., tadi mah Kang Adé”

”Saha Kang Adé téh?”

“Padamel Puskésmas, nu sok ngabantos abdi,” Tini ngajawab lalaunan.

“Kadé ah, awéwé mah ulah ngaduakeun haté lalaki. Kapan Tini teh deukeut jeung Rahmat. Bisi matak jadi bahan  pipaséaeun. Sing inget, opat bulan deui kulawargana ti Manonjaya rék ngajadikeun ka urang, rék ngalamar, Tin!” Kuring nembalan ku sora rada tarik.

Martini ngahuleng teu ngajawab. Manéhna ngan ukur tungkul bari kaciri matana rada rambisak siga nu nahan kasedih. Bangun teu wasa rék betus ka kolotna, siga anu  sieun matak ngaraheutkeun haté indungna. Asa anéh nénjo pamuluna. Tayohna ngukut kabingung.

            “Aya naon ieu téh? Aya naon, Tin?” Kuring rada nyentak.

            “Mah, saleresna abdi sareng Kang Rahmat téh tos atosan!” Martini ngajawab bari angger tungkul.

            “Kumaha? Atosan? Maksudna kumaha, Tin?” haté mimiti tagiwur ku rasa keuheul ka budak.

            “Hapunten, Mah.... Abdi tos teu tiasa neraskeun deui hubungan sareng Kang Rahmat.” Ngan sakitu betusna. Martini ceurik bari langsung ngaléos ka kamarna. Nutupkeun panto. Cetrék panto kamar dikonci.

            Hujan di luar karasa beuki nambahan rasa kaheneg jeung kapeurih haté. Kulawarga ti Manonjaya, Juragan Hamdi bapana Rahmat geus loba ngabantuan kabutuhan hirup sapopoé kuring nu tunggara saprak ditinggalkeun ku salaki. Béréhan. Dermawan ceuk basa lumrahna mah. Juragan Hamdi mah bageur téh lain ka kuring wungkul, tapi ka batur ogé sarua loba méré, ahli sodaqoh. Paingan hartana beuki loba sabab manéhna loba babagi ka nu ngabutuhkeun.

            Kuring teu apal kumaha mimiti caritana budak sorangan putus jeung Rahmat nu geus sataun layeut ka ditu ka dieu duaan. Asa teu kabayang rék teu jadi. Da geus paheut jeung kolotna.

“Insya Allah mun kaparengkeun mah, Tini jeung Rahmat téh ngajodo nya, Bu.” Juragan Hamdi ngaharéwos méméh mulang dina  hiji waktu sanggeus panggih di pangajian mingguan.

“Aamiin,” kuring mairan bari haté bungah kacida.

Asa kabayang budak meunang jodo anak nu beunghar bari béréhan ka balaréa.

“Mudah-mudahan Allah marengkeun panjang jodo Tini jeung Rahmat téh. Cocok jeung kahayang diri,” haté ngagerentes pinuh ku kabagjaan.

Tapi geuning harepan téh ngan ukur aya dina lamunan wungkul. Takdir nu karandapan béda jeung kahayang haté. Meureun ieu nu disebut nasib téh. Duh, Gusti, nyanggakeun sadaya-daya kumaha jalan pikeun ngalelempeng carita ka Juragan Hamdi. Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana. Jujur, ku kaayaan diri nu walurat teu aya kaboga, asa hanjelu pisan, keuheul ka budak nu teu ngaragap rasa kolot. Lain teu hayang hirup mandiri tapi da nasib kuring nu loba karasa ku panyakit matuh, teu bisa nolak paméré Juragan Hamdi da butuh ku biaya jang berobat.

Ayeuna budak geus putus, teu aya hubungan deui jeung budakna Juragan Hamdi. Moal aya deui nu bisa mantuan berobat. Sedengkeun biaya berobat lain duit saeutik. Kituna mah Martini, teu bisa pisan miara tali kanyaah jeung Rahmat. Rasa hariwang ku poé isuk, rasa wirang ka Juragan Hamdi, beuki ngandelan kakeuheul ka anak sorangan. Teu sirikna méh unggal usik digelendeng. Remen pisan budak teh nepi ka rambisak malah, siga biasa, lumpat ka kamar nyegruk dina kasur.

Ti poé ka poé, Martini bet kalah anu ngahajakeun. Lainna nuturkeun kahayang indung, ieu mah meh sababaraha kali kaperego mulang dianteurkeun ku pagawé Puskésmas téa. Tara dibéré budi, baketut haseum wé mun pareng itu rengkuh. Tuman. Sugan we ku méré semu kitu, kahartieun yén kuring teu pati panuju. Da keukeuh haté mah panuju kénéh Martini réréndéngan jeung budak juragan Hamdi.

“Ibu, mangga...” kitu kungsi hiji pasosoré Adé pamitan sabada nganteurkeun Martini.

Teu ieuh ditémbalan. Keur sasapu di téras oge gentak eureun. Léos we ka jero. Tuluy ngintip tina hordéng jandéla. Katénjo Martini bangun hahampuraan, sigana mah manghampurakeun kalakuan kuring anu salawasna baketut haseum. Adé kaciri ukur unggeuk bari imut. Ah, geuning teu hasil. Angger wé katénjona mah soméah neuteup leubeut kadeudeuh ka Martini.

Ari Martini bangun anu sedih. Meus-meus rét ka lebah imah sabot ngobrol jeung Adé sisi jalan. Kituna mah hanjelu meureun ku kuring. Tapi keun, itung-itung ngawarah. Bongan teu bisa nedunan kahayang indung. Der, kalah hahadéan jeung anu teu apal jujutanana.

“Kitu wé nya, ulin jeung lalaki unggal ka luar imah téh.” Jol gantawang wé kuring nyeukseukan barang Martini muka panto.

“Ih,  ari Mamah, abdi apan nuju milari damel. Kaleresan ngalamar ka Pausahaan réréncangan Kang Adé. Janten dijajap sakantenan dikenalkeun.”

“Alesan.”

Martini ngeluk nanangkeup map. Kituna meureun apal adat indung. Ditémbal bakal leuwih diseukseukan. Tanggah saeutik katénjo cimatana. Watir, watirna mah tapi dalah dikumaha ieu haté masih kénéh can méréan. Teu lila manéhna ngaléos ka kamar. Dituturkeun. Didédéngékeun tina panto kamar anu ditutupkeun. Sora nu nginghak. Katutuluyan. Ceurik siga biasana. Keun sugan matak jadi mikir kana kahariwang kolot. Sakitu boga kolot panyakitan teh.

Kuring geus lawas ririwit saprak ditinggalkeun bapana budak. Tik tik brek. Warung nu salila ieu jadi pamuntangan jang nambah-nambah pangsiunan nu katampa tiap bulan, laun-laun korédas. Teu menyat deui. Da apan puguh teu katanagaan ngokolakeunnana. Nya Juragan Hamdi nu salila ieu haat mantuan bari teu pamrih.

Ras deui ka Juragan Hamdi, jebul deui kakeuheul ka Martini. Nyaan budak mah teu apal kahariwang jeung kawirang kolot. Pisakumahaeun érana mun seug amprok bari kaayaan tali beungkeutan kaasih Martini jeung Rahmat geuning geus paburencay. Moal salah, ieu mah pasti Martini anu ngaduakeun haté. Da apan Rahmat mah sakitu bageurna katingalina mah. Boa-boa dipélét ku si Adé téh. Jol-jol ngaléok wae siga daun kabawa angin. Reuwas ku pikiran sorangan. Istighfar.

Salila-lila kuring ngajanteng hareupeun panto kamar Martini.  Pikiran tuluy ngarancabang ka mamana. Kahariwang tuluy mekar dina ciciptaan. Ras ku itu ras ku ieu. Keueung nyanghareupan poé isuk. Teu ku henteu leng wé. Lieur. Awak kuring leuleus. Taya tangan pangawasa.

“Mamaaaaah...” kitu anu kapireng panungtungan basa awak nyampoyong kana lebah panto kamar Martini. Labuh. Panto muka saharita.

Apal-apal geus dirariung di patengahan. Kuring geus ngagoler dina kasur nu ngampar hareupeun lomari tivi. Pada ngagugulung. Kareret aya Martini, Adé, tatangga, lebah tunjangeun katenjo aya nu ngeluk. Bet siga juragan Hamdi. Leketey deui. Ieu nu ti Manonjaya geuning geus araya di Linggasari. Enya, Juragan Hamdi katut garwana. Nya kumaha pipetaeun.

 “Mamah...,” Martini leuleuy ngusapan buuk. Teuteupna beueus. Moal boa katutuluyan nyegrukna, sabot manggihan kuring ngarumpuyuk lebah panto kamarna. Adé paromanna ngemu kahariwang. Lah, pastina ogé éta mah meuli haté, disangkana kuring bakal gancang léah nampa manéhna. Nyel.

“Ayeuna mah Mamah istirahat we sing tenang. Ulah seueur emutan.” Adé leuleuy cacarita. Euleuh eta mani geus wani nga-Mamahkeun. Mun kongang hayang ngabalieur. Ah, apan laleuleus kénéh. Ukur bisa meureumkeun panon.

“Muhun, Mah. Tadi Kang Adé ngangkir dokter ti puskésmas, marios Mamah. Saurna, Mamah seueur emutan teuing. Janten ngedrop kondisina. Ieu landongna kanggo dileueut ku Mamah. Minggon payun ke kontrol dijajap ku Kang Adé.” Martini némbongkeun bungkusan plastik laleutik. Sababaraha rupa obat katénjona mah. Deuh, aya ku haat geuning Adé téh.

Di luar, hawa-hawar sada hujan maralak. Kuring méré isarat ka Martini, hayang cacarita ka Juragan Hamdi. Martini ngoléséd. Noél Adé, duanana tingkoléséd. Kitu deui para tatangga anu milu ngaronom, sabot ningal kuring sadar mah nungtutan carengkat. Kari Juragan Hamdi kadua garwana.

“Hapunten...,” ukur kitu nu werat kedal sabot duanana ngadareukeutan, diuk deukeut sirah.

“Ih, puguh abdi kalih pun lanceuk anu badé neda dihapunten, Bu. Atos ayeuna mah ulah seueur emutan.” Istri Juragan Hamdi mani leuleuy malah bari ngusapan ramo sagala. Tambah éra.

“Panginten, Bapa sareng Ibu ka dieu téh bade neraskeun obrolan tipayun perkawis murangkalih. Hapunten, Martini geuning kitu kalakuanana...,” maksakeun miheulaan wakca najan seuseut seuat bari dareuda.

“Atos, apan saur pun bojo ogé. Ulah seueur emutan. Keun da panginten sanes jodona. Sareng ulah ngalelépat tuang putra. Martini mah bageur kacida. Pun anak anu teungteuingeun ngawiwirang kolot.” Juragan Hamdi nyaur bari ngeluk. Eureun sakedapan bangun narik napas panjang.

“Kitu panginten sakedahna, Ibu. Talajak pun anak geuning jauh tina panyangka. Tos sakedahna Martini anu geulis tur bageur bakal kenging jodo nu langkung saé.”

“Naha kunaon? Abdi mah tos nyangki Martini anu janten marga lantarananna, kumargi katingalna caket sareng pameget sanés.”

“Beurat ngedalkeunana, Ibu. Hadé goréng ogé apan budak sorangan. Mung supados teu janten emutan ka Ibu, urang wakcakeun. Kieu, saparantos ngarencanakeun badé kadieu meungkeut barudak urang téa, jol teh aya nu datang ka rorompok milari Rahmat, tayohna éta budak téh di satukangeun mah baong kabina-bina ka awéwé. Nu datang téh ménta tanggungjawab da tos bureuyeung. Diseleksek budakna horéng ngaku. Lain hiji dua geuning. Wirang nataku. Jauh tina sangkaan. Rék kadieu ge banget beurat, beurat ngedalkeun talajak pun anak.” Juragan Hamdi angger ngeluk.

Kuring bati nahan rénghap. Nahan nu galécok jero dada. Geuningan jauh tina panyangka.

“Kumaha atuh?” teu kebat nyarita ogé. Nyelek.

“Anu mawi ayeuna ulah seueur émutan. Perkawis Martini mah keun sina kenging jodo nu langkung saé. Abdi kalih pun lanceuk sakali deui neda dihapunten. Ibu sing énggal sehat ayeuna mah.”

Juragan Hamdi jeung garwana teu papanjangan. Sabada bruk-brak, tuluy nyeselkeun amplop jang mantuan berobat mah laju marulang. Rurusuhan. Bisi kaburu hujan badag, alesanana mah.

Kuring nyorangan neuteup lalangit. Bet asa teu nyangka sacongo buuk. Ras ka Martini anu salila ieu diseukseukan, dipikakeuheul, malah geus nyangka anu lain-lain. Teu karasa cimata ngeumbeung. Panon beueus.

“Mah...,” Martini teu kanyahoan geus emok gigireun.

“Hampura, Mamah...,” kuring dareuda. Hayang nangkeup tapi puguh leungeun teu walakaya keneh.

“Teu aya nu lepat di Mamah mah. Abdi sakedahna anu nyungkeun dihapunten, teu wantun nyarioskeun sagalana ka Mamah.” Martini nyegruk kana dada kuring.

Duaan bedah cimata.

“Ayeuna tos teu kedah diemutan deui. Nu utami Mamah sing hegar. Kersa nuang landong. Supados énggal sehat deui. urang ngawitan deui ngawarung, Mah...” Martini katénjo imut najan teuteupna beueus kénéh.

“Eh, apan cenah keur ngalamar gawé?” ras tadi mangsa manéhna nanangkeup map.

 “Muhun. Tadina mah kitu, malih tos ditampi kunu gaduh pausahaanna ogé. Mung, apan Mamah nuju udur, saha nu badé ngarawat Mamah di bumi. Tah, tadi Kang Adé....” Martini megat ucapan, neuteup leleb sakedapan bangun anu neungeutan paroman kuring méméh nuluykeun caritaan. “ Muhun, Kang Adé nyarankeun supados abdi di bumi waé. Nya, anjeunna masihan jalan kanggo ngawitan ngawarung deui, Mah. Atuh, warung tiasa jalan, Mamah katalingakeun.”

Cukup nepi kadinya, kuring ngagukguk. Ras kana diri sorangan anu salila ieu geus goreng hate ka Adé. Geuning mulang tarima ku kanyaah anu teu kasawang ti anggalna. Kanyaahna lain saukur ka Martini, tapi ka kuring ogé nu salila ieu baketut haseum ka manéhna.

Di luar sora hujan beuki maralak. Kacipta hujan ngagebret di langit Linggasari. Di jero imah kuring jeung Martini tuluy paungku-ungku nyipta girimis. Girimis tina panon. Girimis tina ati. Girimis nu kiwari katumbirian. Katumbiri nu boa melengkungna parat ka langit saluhureun Linggasari. Katumbiri harepan.***

Search